Ngumpul-ngumpul Susundaan











{September 30, 2010}   Maung jeung Uncal
Hiji poe leuweung nu sakitu legana kaduruk nepi ka cai ge garing bakating ku panasna seuneu. Sasatoan kabeh mencar kalabur kaluar, teu nyesa hiji hijieun acan.
Sanggeus kahuruan, tinggal haseupna, tina jeuro guha kaluar indung jeung anak maung.
“Ma..aden lapar” anak maung ka indungna
“Nya ke urang…” can ge beres nyarita, ti tukangeun kaluar oge uncal ti jeuro guha, singhoreng uncal jalu nu ngilu nyumput.
“Ma itu uncal..udag ma, aden hayang daging uncal” anak maung rada ngagareuwahkeun indungna anu reuwaseun.
Indung maung teu talangke langsung luncat ngudag eta uncal.
Uncal anu leuwih leutik, leuwih lincah tibatan maung, ngan satarik-tarikna ge sato nu geus nahan lapar jeung hawa panas duanana beuki laun, ngan sakadang uncal gancang manggih jalan manehna lulumpatan ngaliwatan tangkal kai nu rekep, maung bati ku nafsu teu bisa newak bae beunang kadeoh, manehna muru uncal ngan..awak maung tungtungna nyelap na sela tangkal.
Kanyahoan maung teu bisa ojah, uncal nguriling balik deui. abong jalu, sanajan uncal, boga pikiran cabul.
“Ah..bae sagalakna maung, da ti tukang mah angger we maung bikang” uncal ngomong sorangan. geus kitumah maung teh diopi ku uncal. geus beres uncal terus lumpat deui bari heheotan..(aya kituh uncal nga heot).
Geus bisa leupas maung balik deui ka anakna.
“Ma…ma..kumaha SI UNCAL teh beunang…mana ma..aden lapar..”
Indung maung kadon jamutrut ka anakna ” eh…ari maneh tong su sa si si, PAPIH kituh!!!” bari ngaleos.


{September 30, 2010}   Si Kabayan Dicukur
Si kabayan teh kandulan pisan. Ari kandulan teh jahe=jago hees (beuki sare), teu kaop nyangkere atawa nyarande sok ker wae kerek.
Sakali mangsa si kabayan teh dicukur. dicukurna handapeun tangkal gede di sisi jalan supratman. Ari tukang cukur teh ruruntuk dalang, tadina hayang jadi dalang tapi teu kataekan, kalah jadi tukang cukur. Teu wudu payu nyukurna teh da eta ari nyukur sok bari ngadalang.
Si kabayan ti barang gek diuk dina korsi panyukuran geus lelenggutan wae nundutan. Saperti biasa tukang cukur teh ari ceg kana gunting jeung sisir tuluy wae ngabuih… ngadalang, pok na teh…. “Tah kacaturkeun di nagara alengka, rajana jenengan Dasamuka…. ari dasa hartina sapuluh… ari muka eta hartosna beungeut atanapi raray… “. Si kabayan nu keur ngalenggut ngarasa kaganggu ku nu keur ngadalang, bari heuay si kabayan nyarita “Pondokeun wae mang…”  trek-trek tukang cukur teh ngaguntingan buuk si kabayan bari pok deui… ” ari geus kitu… eta Dasamuka teh bogoh ka dewi Sinta, geureuhna sri Rama… ” “pondokeun wae mang…”ceuk si kabayan nyaritana selang seling antara inget jeung heunteu bakating ku tunduh, teu lila reup deui sare….. lilir sakeudeung, tukang cukur teh keur ngadongeng keneh, ..” urang tunda dewi Sinta nu keur di Alengka, sabab dipaling ku Rahwana…. caturkeun sri Rama….” si kabayan asa kaganggu sarena terus nyarita bari lulungu “pondokeun mang….”….terus reup deui peureum. trek..trek tukang cukur ngaguntingan buuk si kabayan bari nuluykeun ngadongengna. Ari tiap si kabayan lilir, tukang cukur teh keur ngabuih keneh wae ngadalang, tapi ari leungeunna mah tetep teu eureun-eureun ngaguntingan buuk si kabayan. Si kabayan keuheuleun pisan sabab sarena kaganggu ku sora tukang cukur, nu sakapeung sok ngagerem nurutan sora buta atawa ngajerit nurutan sora dewi sinta basa dipaling ku Rahwana… antukna si kabayan ngambek ka tukang cukur bari nyarita ” ceuk aing ge pondokeun…pondokeun…” tukang cukur nembalan “dipondokeun kumaha ieu geus lenang kieu..” ari ret si kabayan kana eunteung enya wae sirahna geus gundul teu salembar-lembar acan, puguh wae si kabayan teh ambek “nu dipondokeun teh dongeng maneh lain buuk aing…” si kabayan morongos, tukang cukur nembalan bari nyentak “bongan sorangan, naha atuh sare wae batur digawe teh, lain nuhun diembohan ku dongeng teh…” ngan hing wae si kabayan teh ceurik bakating ku handeueuleun jaba ari balik ku barudak dipoyokan bari diabring-abring “…penjol….penjol….”


{September 30, 2010}   Si Kabayan Ngala Nangka
Si Kabayan dititah ngala nangka ku mitohana. “Nu kolot ngala nangka téh, Kabayan!” Ceuk mitohana. Kencling Si Kabayan ka kebon, nyorén bedog rék ngala nangka. Barang nepi ka kebon, Si Kabayan alak-ilik kana tangkal nangka. Manggih nu geus kolot hiji tur gedé pisan. Tuluy waé diala. Barang dipanggul kacida beuratna.
“Wah, moal kaduga yeuh mawana, “ pikir Si Kabayan téh. Tuluy wé nangka téh ku Si Kabayan dipalidkeun ka walungan. Jung waé balik ti heula, da geus kolot ieuh!” ceuk Si Kabayan téh nyarita ka nangka.
Barang tepi ka imah, Si Kabayan ditanya ku mitohana.
“Kabayan, meunang ngala nangka téh?”
“Komo wé meunang mah, nya gedé nya kolot,” témbal Si Kabayan.
“Mana atuh ayeuna nangkana?” Mitohana nanya.
“Har, naha can datang kitu? Apan tadi téh dipalidkeun dititah balik ti heula, ceuk Si Kabayan téh.
“Ari manéh, na mana bodo-bodo teuing. Moal enya nangka bisa balik sorangan!” Mitoha Si Kabayan keuheuleun pisan.
“Wah nu bodo mah nangkana, kolot-kolot teu nyaho jalan balik,” ceuk Si Kabayan bari ngaléos.
(Tina Lima Abad Sastra Sunda, karya Wahyu Wibisana, spk,)


{September 30, 2010}   Si Kabayan Ngalamun
mitoha si kabayan keuheuleun pisan, sabab si kabayan sok ngalamun wae. digawe bari ngalamun, dahar bari ngalamun, mandi bari ngalamun komo di pacilingan mah mani beuki anteng ngalamuna teh…
sakali mangsa si kabayan manggih endog meri, ngagoler dina jarami di sawah mitohana, si kabayan atoheun pisan, gancang endog meri teh dibawa  ka imah ditembongkeun ka pamajikanana.
“sukur, ka dieu urang kulub, keur si encid (budakna red.)” ceuk pamajikan si kabayan.
“montong” tembal si kabayan, “anggur mah rek dipegarkeun, dipilukeun kana hayam bapa, nu ayeuna keur nyileungleum” tembal si kabayan. ti dinya endog teh diteundeun hareupeunnana bari ditaksir.
“kumaha akang wae atuh, ngan ayeuna mihape budak, uing rek ngisikan heula” ceuk pamajikan si kabayan bari ngajinjing boboko rek ngisikan di pancuran.
si kabayan cingogo diharudum sarung bari nyanghareupan endog. budak mah diantep wae sina kokorondangan dina palupuh, ari manehna anteng ngalamun deui, kieu ngalamuna teh….
“endog teh pasti megar, heug bikang, engke pasti ngendog deui. umpamana wae ngendogna sapuluh terus dipegarkeun deui, megar deui jadi boga sabelas meri tah, pek kabeh ngendog deui, mun endogna sapuluhan jadi boga 110 endog, beuki lila meri teh beuki loba. endogna oge pasti beuki loba. aing rek jadi bandar endog, endog dijualan, aing jadi loba duit. duitna di beulikeun domba bikang. domba na baranahan tepi ka aing loba domba, dombana di jual kapasar, terus di beulikeun munding sarakit, munding oge baranahan, aing bakal loba munding… adeuh..huhuy… munding aing mani rendang di sawah…….”
keur kitu, geprak wae endog si kabayan teh dibaledog ku pamajikanana tepi ka peupeus, sihoreng endog teh kacingcalang.
“kabayan, cing atuh kana ngalamun teh mani kamalinaan, tuh tenjo si encid mani buncunur sirahna tidagor kana tihang, da diantep wae…”
si kabayan kalahka molotot ka pamajikannana.
“kunaon munding aing diruksak ku maneh..? rasakeun ieu paneunggeul..” ceuk si kabayan bari ngamang-ngamang sapu.
pamajikan si kabayan sieuneun, tuluy lumpat ka imah kolotna, bari ngais budak. si kabayan ngudag bari angger ngamang-ngamang sapu.
mitohana norojol ti imah, tuluy nanya ka si kabayan.
“ku naon maneh teh kabayan kawas nu teu eling..”
“bongan munding uing di ruksak ku si iteung..”
“na timana maneh boga munding…?”
“pan tina ngajual ladang endog asalna mah..” tembal si kabayan
“bohong ketang, ngalamun wungkul, barina ge endogna kacingcalang..” si iteung nambalang
“euh kitu..” ceuk mitoha si kabayan..” paingan atuh kebon aing, mani ledug di ranjah munding, ari maneh boga munding mah, hayoh gantian, mun teu di gantian dilaporkeun ka pulisi..”
“ampun pa..” ceuk si kabayan ” abdi mah teu gaduh bulu-buluna acan munding teh, eta mah lalamunan. hayu iteung urang balik..” si kabayan ngajak balik ka pamajikanana.
mitohana gogodeg.
isukna si kabayan dititah ngala kalapa ku mitohana, tina sapuluh kalapa, si kabayan bakal diburuhan kalapa sahulu. si kabayan atoheun pisan, terekel wae naek kana tangkal kalapa rek ngala kalapa nu kolot.
barang nepi ka luhur tuluy diuk sidengdang dina sela-sela dahan kalapa, teng wae ngalamun.
“buruh ngala kalapa rek dijual, ladangna dibeulikeun kana endog hayam, tuluy dipegarkeun, pek diingu. hayamna beuki loba, endogna ge rea deuih, endog dijual ka pasar, aing jadi bandar endog. tina ladang endog aing rek meuli domba, domba oge ngareaan…. aing jadi bandar domba, tina bati domba aing rek meuli munding… eh ketang moal, moal meuli munding bisi ngaruksak sawah mitoha… ah rek meuli kuda wae. kudana kuda balap.. kuda ustrali nu jangkung tea, aing jokina…plok..plok kudana di lumpatkeun…”
bari ngalamun kitu teh si kabayan reurendeukan dina palupuh kalapa.
“kuda teh beuki tarik lumpatna… horseh kotoplak…kotoplak……” si kabayan beuki motah wae diukna dina palapah kalapa, tepi ka palapah teh pepelenoyan. kulantaran motah teung palapah teh potong, si kabayan ngoleang kabawa ku palapah kalapa. gebrus wae ka balong. untungna kalapa teh sisi balong, si kabayan pipina bared keuna regang awi, sukuna tipalitek, untung teu maot oge.
ti harita si kabayan kapokeun deui ngalamun dina tangkal kalapa…..


{September 30, 2010}   Si Kabayan Ngadeupaan Lincar
Si Kabayan jalma miskin taya kaboga. Di sakampung éta mah pangmalaratna baé meureun. Imahna teu béda ti saung butut. Ari pagawéanana, kitu wé buburuh ngoréd.
Béda deui jeung tatangga Si Kabayan, bandar munding anu kacida beungharna. Sawahna lega, kebonna puluhan héktar, imahna gé nya gedé nya agréng.
Sakali mangsa tatangga Si Kabayan téh hajat gedé, ngawinkeun anakna. Ondangana kacida lobana, boh ti nu jauh boh ti nu deukeut. Carék wiwilanganana salembur éta mah diondang kabéh, iwal Si Kabayan.
Si Kabayan jeung pamajikanana teu kira-kira waé nalangsaeunana. Tuluy waé Si Kabayan téh ngalaan baju, kencling indit ka pipir imah nu boga hajat, pék ngadeupaan lincar.
“Sadeupa, dua deupa, tilu deupa, …,” cenah.
Sémah kacida kagéteunana, nénjo kalakuan Si Kabayan kitu téh. Saréréa ngariung nénjokeun Si Kabayan ngadeupaan imah nu boga hajat.
Pribumi ogé norojol; barang ngadéngé rebut-ribut di luar téh, gancang kaluar. Ari rét ka Si Kabayan, manéhna ngajenghok, tuluy nanya ka Si Kabayan.
“Ku naon Kabayan, manéh téh ngadeupaan lincar? Bet éta jeung teu dibaju kitu, kawas budak waé.”
Témbal Si Kabayan, “Wah, mun kolot gé diondang.”
Nu boga hajat pohara éraeunana, rumasa ngabéda-béda jelema. Gancang waé nyarita.
“Kapan ti kamari gé diondang. Manéhna mah sok pohoan. Gancang balik, dibaju heula, engké ka dieu, sakalian bawa pamajikan,” kitu ceuk nu boga hajat téh.
Si Kabayan kacida atoheunana.


et cetera